Jumat, 27 Juli 2012

larangan diri

nakunaon sagala rupa ngan aral gagal jeung gagal 
soal cinta jeung usaha kandas pamagsadan
kamudahan bet ngabalieur 
kalapangan naronggongan paruntungan lumpat ngajauhan
naha naha kunaon
boa-boa halangan diri
nu mangrupi dosa dosa
kajongjonan kangeunahan
ngumbar-ngumbar larangan ..
boa-boa halangan diri
nu mangrupi dosa dosa
nu ngajajar meni panjang
sapanjang jalan kareta
aduh gusti aduh gusti
kumaha ngentengeunnana
aduh gusti aduh gusti
kumaha ngabebaskeunna..panon cireumbay mapay-mapay pipi
ragragan kana sajadah nginget-nginget laku lampah
ninggang salah jeung salah
hate anu merih hate nu ngajerit kabeulit ku dosa-dosa
biwir nu ngageter ngeudalkeun rasa jiwa
ampun ampun duh gusti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar